Rabu, 31 Desember 2014

HARGA DIRI



HARGA DIRI
Aya bahasa hésé hirup téh, maksadna sanés hirupna anu hésé. Lantaran hirup sanés kénging hoyong, pesen atanapi nukeuran tapi anu dimaksad hésé hirup téh nyaëta: Hirup hésé benerna, hirup hésé alusna, hirup hésé sampurnana, hirup hésé maslahatna.
Imam Syafi’i nyarioskeun, harga diri hiji jalma di dunya kawangun ku 4 pilar, nyaéta:
1.      “Dīniyyah” Agama
Hartosna: modal anu pang pokona sangkan jalma ngabogaan harga diri (kasampurnaan) taya lian ti agama, kapercayaan, tauhidulloh. Nékadkeun hijina dzat anu di ibadahan dina dzatna, sifat sareng padamelan nana. Hal ieu bakal nimbulkeun nyaho dina prinsip hirup, ibadah, sumerah, tur tujuan hirup.
2.      “Amānah” Jujur, kapercaya (bisa dipercaya):
Sikep jujur timbul tina kuatna kapercayaan ka Alloh, anu maha ninggali, ngadangu, adil tur bijaksana. Amanah nimbulkeun datangna kapercayaan tibatur sareng jadi perhatian kana sikep tur paripolah urang. Jalma anu khianat, cidra, hésé ditarimana sarta ngahalangan kana naékna ajén hiji jalma.
3.      “Shiyānah” Ngajaga tina perkara anu ngotoran dirina.
Kahirupan dirina teu kosong tina saé sareng awon, bener sareng salah. Duanana piligenti bahkan sering babarengan datang ka urang, tapi akal anu maseuk kana agama janten alat kangge nyandak tur milih anu bener, saé tur pantes. Upami henteu tiasa ngajaga diri maka turun harkat tur martabat
kahirupanana.
4.      “Rozānah” Terang, teguh, bijaksana.
Nalika aya masalah anu sumping, sering jalma panik, sarta bingung nangtukeun sikep, hal ieu perlu katenangan saba’da nyepeng deleg (pageuh) kana papagon hirup bari siap nyandak jalan anu henteu lepat tur maslahat.

Dina cariosan anu sanes Imam Syafi’i nyarioskeun: Ari pang saéna dunia sareng akhérat nyaéta 5 tingkah. Kasampurnaan jalma di dunia sareng akhérat upami cumpon anu 5 tingkah, nyaéta:
1)      “Ghinanafs” jembar haté, ngarasa cukup, maksadna :
-        Hirup henteu ngarasa kurang, ku harta,
-        Hirup henteu ngarasa kurang, ku komara,
-        Hirup henteu kokoro nyoso, nyosokeun manéh ka batur,
-        Hirup henteu dipapaés ku bangbaluh ku pangabodo jeung kaayaan.
2)      “Kafful adzā” nyegah milaraan, maksadna:
-        Tara nyusahkeun batur
-        Tara pikakeuheuleun batur
-        Tara nyababkeun batur henteu ngarasa nyaman.
3)      “Kasbul halāl” ngusahakeun halal, maksadna;
-        Milik diusahakeun kalawan jalan anu halal
-        Rizki anu dialap manfaat hasil tina jalan halal
-        Hirup, kahirupan aya dina jalan anu halal.
4)      “Libāsuttaqwā” dipakéan (dipapaés) kalayan taqwa
-        Hirup henteu ninggalkeun tugas kawajiban ti Allob.
-        Hirup henteu milampah larangan Alloh.
-        Hirup henteu kosong tina paniatan hakti (toat) ka Alloh.
5)      “Tsiqqotu billāh ‘alā kulli hāl” Kumandel ka Alloh dina sagala tingkah
-        Hirup pinuh ku optirnis kana kabeungharan Alloh.
-        Hirup pinuh ku optimis kana pitulung Alloh.
-        Hirup pinuh ku optimis kana kanyaah Alloh.
-        Hirup pinuh ku optimis kana pangampura Alloh
-        Hirup pinuh ku optimis kana fadhol Alloh di akherat

Ditukil tina kitab Al-Minhaj As-Sawi
Robiul Awwal 1435 H/Januari 2014, An-Nur Malangbong

Tidak ada komentar:

Posting Komentar