Kamis, 30 Oktober 2014

KAMUNAFIKAN (An-Nifāq)


KAMUNAFIKAN (An-Nifāq)

Kecap nifāq asal bahasana nyaéta mashdar anu fi’il madhi-na : nāfaqo - yunāfiqu -munāfaqotan wa nifāqon, hartosna ngébréhkeun sanés sabenerna atanapi nyamarkeun hiji perkara.
Namung nurutkeun istilah aya dua bagian nyaéta:
1.      Nifāqul kāfirīna nifaq dina patekadan nyaéta man yudzhiru al-imāna wayukhfī al-kufro , jalma munafiq i’tiqodi nyaéta jalma anu midamel ngadohirkeun iman sareng nyumputkeun kufur dina haténa, jalma kitu disebut jalma munafiq.
2.      Nifāqul mu’minūna nifaq dina padamelan (jalma munafiq amali), nyaéta jalma mu’min anu tara midamel (ngalaksanakeun) paréntah agama.
Jalma munafiq anu kahiji jelas kafirna, bahkan kalebet jinis kafir anu abot, lantaran aya pangancam Alloh ka naraka anu pang beuratna siksaana.
Jalma munafiq kadua jalma mu’min anu fasiq, anu hariwang pupusna suul khotimah.

Ciri-ciri Nifāq ‘Amali (kamunafikan dina padamelan)
Sapalih Ulama nyarioskeun ciri-ciri nifaq, antawisna baé:
1.      An yadhīqo wa yadhjaro min tilāwatil qur’ān ngedul, rupek, heurin waktu, ngarahuh, galow, tina ngaos qur’an bahkan kana dzikir anu sejéna.
2.      An yadhīqo wa yadhjaro minal julūsi fil masjidi wa nahwi dzālika ngedul, hoream, ringrang, murukusunu cicing di masjid atanapi tempat majlis kasaéan.
3.      An yasta’nisal hadzwati wal majālisi wal aswāqi wa nahwihā, ngarasa betah, tenang reugreug kalayan obrolan anu henteu guna, tempat-tempat anu teu saé, pasar sareng anu sanésna sapertos gosip sareng patempatan dicawiskeun kanggé suka suka, senang-senang komo kanggo anu awon.
4.      Idzā hadatsa kadzaba, dimana nyarios sok bohong, hartosna dina sakapeung waktu karena aya sakedik pangjurungna.
5.      Idzā wa’ada khōna sakapeung upami jangji sok sulaya, karena aya alesan anu sederhana.
6.      Idza’tumina khōna sakapeung upama dipercaya sok nguciwakeun bari teu aya alesan anu kuat.
7.      Saur Imam Ali karromallohu wajhah : walā yubghidhunī illā munāfiqun moal ngéwa ka kuring iwal jalma munafiq.
8.      Bughdhul anshōr  Jalma Munafiq ngéwa ka kaum Anshor.
9.      Annahum lā yatadholla’ūna mim māi zamzamin Upami ngaleueut cai zamzam tara dugi ka wareg (pinuh patuangan).
10.  Annahu lā yaghtābun nāsa illā munāfiqun Jalma munafiq sok (resep) ngupat jalma (mu’min)
11.   Almunāfiqu yatajawwazu fil ‘ibādāti wa lā yatajawwazu fil ‘ādāti Jalma munafiq lalawora dina ibadah, milihan rukhsoh-rukhsoh, tapi dina adat tradisi dibebenah, dikalem (sieun teu kapaké, sieun dicawad ku batur)
12.  ...an taghdhoba idzā qīla ya munafiqu ... Jalma munafiq keuheul lamun ku batur dipanggil héi munafiq, padahal jalma biasa moal kosong tina munafiq.
13.  Ikhtilāfus sirri wal ‘alāniyah Sulaya antara padamelan, cariosan (saé) sareung eusi haténa (awon); awon manah saé laku.
14.  Jst...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar