Rabu, 31 Desember 2014

NGADIDIK PARA PUTRA



NGADIDIK PARA PUTRA

Ngadidik/ngatik langkung jembar ma’nana tinimbang ngajar, lantaran ngadidik ngarupakeun padamelan anu ngawengku kana masihan élmu, ngawarah, tur numbuhkeun, ngamekarkeun para anak didikna dina widang rohani jasmani sareng akalna loyog sareng aturan Alloh supaya bagja dunia sarta akhérat.

Dina ajaran agama waktu ngadidik henteu kabaud ku zaman, tapi udaganana tepi ka ngarti kana agama.

Ngawitan sumpingna panyuprih nyaéta nalika budak parantos 7 (tujuh) taun sarta hideng, sarta tiasa nampi kana pangwarah (gaduh salah sahiji pangdangu atanapi paninggali).

Aya sababaraha kabiasaan saé anu sok dilakukeun ku para salaf, sakumaha di ku Assayyid Zain bin Ibrohim (Almanhaj Assawiy), antawisna baé:
1.      Kabiasaan Salaf sok nyandak para putrana anu aralit ka payuneun para jalma anu mulya dina agama, hal ieu dilakukeun miharep kénging barokah sarta nyuprih pangdu’a di aranjeuna. Padamelan ieu diétang kalebet ngalap, nyaéta ngalap barokah, hal ieu mugia budak kalebet golongan marantena bahkan ngarupakeun hiji modal ageung kangge barudak.
2.      Salaf sok mayunkeun ngawuruk barudak ku ngucapkeun tilu kalimah; abdi Ridho Alloh Pangéran abdi, Islam agama abdi, sareng Nabi Muhammad Saw Nabi Alloh sarta Rosul Alloh.
3.      Salafsok ngadu’akeun murangkalih anu beresin ku du’a barokallohu fik (dugi nincak balég)
4.      Salaf sok mayunkeun ngawarah padamelan (prak-prakan kahirupan) saméméh masihan élmuna. Upami tos kitu nembé élmuna (teorina). Aranjeuna nyarios; ieu kawajiban maka kedah dipidamel sareng ieu larangan maka kedah ditebihan.
5.      Salaf tara mayunkeun miwarang tampil (dangdan), nganggo raksukan pantes (nyupi, ngiayi, ngolot) kajaba barudak parantos terang, ngarti tur siap nganggo sarta maksadna, sapertos nganggo sorban.
6.      Salaf sok ngagugahkeun para putrana anu aralit dina akhir wengi, sok sanajan teu acan ngalartoseun sarta ngalenyepan maksadna, hal ieu dimaksad supaya barudak ngabiasakeun amal saé, nalika dipasihan élmu pangartosna, kasaéan sareng toat tos janten adat kabiasaanana.
7.      Salaf sok masihan kasalséan barudak sina nyuprih élmu anu mulya, minimal dugika 20 taun kedah hasil, saba’dana sina tadris (ngawuruk) dugi ka 40 taun, saba’dana tambihan midamel amal sholéh sareng ibadah;
8.      Para salaf sok mayunkeun anu langkung ageung, sepuh dina yuswa, dina padamelan duniawi, sapertos papah tur calik, tapi nalika aya padamelan anu patali sareng agama, maka anu dipayunkeun kaahlian atanapi kamampuhanana, sapertos ngawuruk sareng janten imam sholat.
9.      Salaf sok ngalarang mayunkeun murangkalih tinimbang anu ageung (saluhureunnana) kecuali dina tilu tempat, yaeta dina janten imam, dina janten pendidik sarta pengajar, dina janten pembimbing.
10.  Salaf sok ngama’mum sholat pengkeren muridna, aranjeuna sok miwarang murid janten imam bahkan nalika katinggali aya kakirangan, saba’dana tara pameng-pameng negur tur ngalereskeunana.

Al-Manhaj As-Sawiy 511-513, 2 Sya’ban 1435 H/7 Juni 2014, AnNur, Karanganyar, Malangbong, Garut, KH. Deden Muhammad Ilyas.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar