SIFAT-SIFAT BOJO ANU SAÉ
Bojo téh
ngarupakeun belahan hirup carogé, sakapeung syara sok ngabahasakeun kawas
tahanan, sakapeung kawas kebon anu pantes dipelakan, tapi sakapeung lir ibarat
papaés atanapi anggoan kanggé carogé.
Sanaos kitu
aya sifat-sifat anu pokok anu kedah dipikamilik ku bojo tapi aya ogé
sifat-sifat anu ngarupakeun kasampurnaan bojo dipayuneun carogéna.
Bojo anu
sampurna kedah mibanda sifat-sifat anu saé, antawisna baé:
1.
Bojo kedah ngaraksa diri tina molah harta-banda carogé
bahkan harta-banda sorangan, kajaba aya widi ti salakina, manéhna kawas amat
sareng sayidna.
2.
Salamina ngaraos isin, ajrih ku carogéna. Sifat ieu
nimbulkeun hormat tur teu wantun langsung neuteup kana raray carogé.
3.
Salamina toat tur bakti ka carogé, dina hartos sanes dina
padamelan anu ngarempak syaréat Alloh.
4.
Nahan cariosan, henteu nyela, motong nalika carogé nuju
nyarios, anjeuna tara mayunan nyarios upami teu acan dipiwarang sareng henteu
nyacad cariosan carogé nalika carogé tamat nyarios.
5.
Ngabagéakeun carogé nalika carogé sumping ka bumi,
sajabi ku cariosan bojo ogé saéna ngadeg ngawilujengkeun sumping ka carogé,
nyakitu kénéh bojo nganteurkeun carogé upami angkat ti bumi, ku paneuteup,
bahasa sarta laku anu sopan, kayaning ngadeg sareng ngawilujeungkeun.
6.
Upama badé kulem (sareng) bojo mintonkeun salira ka
carogé kalayan pintonan anu ngadorong kana tiasa rinéhna carogé tina kacapé, bingahna
sarta hilapna tina rasa répot sapopoé sarta ninggalikeun kasono bojo ka carogé.
7.
Nalika carogé aya di bumi, bojo salamina sarareungit dina
badan tur anggoan nana, meresihan tur méréskeun sarta nyeungitan cangkem, sareng
nganggo perhiasan/aksésoris anu aya nu pantes dianggona.
8.
Upami carogé teu aya di bumi, bojo kedah redat-redut,
henteu dangdan, henteu nganggo perhiasan sareng henteu pikabitaeun batur.
9.
Ngajaga kajujuran henteu cidra tur nguciwakeun carogé
nalika teu aya; naha anu patali sareng harta atanapi raga tur kulawarga.
10. Bojo anu saé
salamina ngahormat tur ngamulyakeun kulawarga tur baraya carogé; ku bahasa ku
pagawéan atanapi harta banda.
11. Sifat ageung
syukur tur tumarima ka carogé; paméré anu saeutik teu dileuleungit tapi
ditarimakeun sareng diaku ageung, bingah tur tumarima kana sagala rupa usaha
tur pagawéan carogé, ogé ngagungkeun (ngahormat) kana tingkah carogé.
12. Salamina tara
mungpang kana kahoyong carogé dina ngalap bingah tur ngalap suka ti dirina, dina
salami henteu aya panyarék tina agama.
13. Tara midamel
puasa sunat sajabi ti dinten arofah sareng asyuro upami henteu aya widi ti
carogéna.
14. Tara kaluar ti
bumi carogé kajabi aya widi ti carogé.
15. Jst….
Ditukil tina
dawuhan ulama anu dicarioskeun ku Al-Fadhil Asy-Syekh Muhammad bin Umar.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar