Rabu, 31 Desember 2014

Sifat-sifat Pameget (Caroge) anu mulya tur janten idaman Bojo



Sifat-sifat Pameget (Caroge) anu mulya tur janten idaman Bojo

1.    Pameget anu ngagaduhan sifat (kapribadian) anu mulya, agung, terhormat. Antawisna; tara ngarasa mulya tapi sok ngamulyakeun batur, tara gumedé tapi ngagedékeun batur, sanés gila hormat tapi biasa ngahormat batur.
2.    Pameget anu selalu hoyong sarta osok ngagindingan bojona, sapertos ngaantingan cepilna tina emas sareng mutiara.
3.    Pameget anu serba aya, lubak-libuk nyugemakeun bojona sahingga lintuh, lingsig tur ngeusi.
4.    Pameget anu masihan kabingah materi ka bojona langkung tinimbang jumlah anu aya (dipasihkeun) ku sepuhna; upami kapungkur kelas embé, janten kelas kuda tur onta.
5.    Pameget anu nyayogikeun alat-alat dapur (masak) sarta paparabotan umum kumplit sarta ringan anu henteu matak ngarudetkeun sareng ngabotkeun ka bojona.
6.    Pameget anu tara nyacad, nyempal tur megat sok komo nolak kana cariosan bojona, kalem kalayan sikep santun tur ngamulyakeun bojo sanaos bojo (rada) bawél.
7.    Pameget anu tara moyok, nyawad, ngawonkeun kana padamelan naon baé anu diragap ku bojona; dina saméméhna prak midamelna sok komo upami parantos réngsé sarta dikantunkeun. Tara moyok kana hasilna sok sanajan nguciwakeun.
8.    Pameget anu tara ngaganggu kana karinéhan bojona sok komo upami tutuh-titah. Upama bojo istirahat anjeuna ngantep sanajan dina mangsa anu teu payus, sapertos bobo énjing-énjing tara dihudangkeun. Hal ieu ngagambarkeun sarwa kacukupan; cukup ku jalma anu ngurus tur ngaladénan keluargana.
9.    Pameget anu rintih, tenang tur nyejukkeun, sok sanajan ninggali bojona pikariweuheun atanapi hoyong riweuh, anjeuna tetep ngagaduhan pamadegan sok sanajan anu sigana teu sapira sapertos barangtuang tur barang leueut.
10. Pameget anu sok merhatoskeun bojo upami angkat (sok sumawona aya di bumi), sapertos kumaha pantes masamoan nana sarta mariksa kana bekelna henteu di pas, tapi dipasihan kalaluasaan supaya bojo ngarasa percaya diri tur henteu galideur luak-lieuk.
11. Pameget anu nempatkeun bojona dina tempat (bumi) anu lega langkung tina kaperyogianana. ... di tukil tina hadits Riwayat Imam Bukhori, Imam Muslim, sareng Imam Nasai ti Sayyidah Aisyah, anu masyhur kalayan Hadits Ummi Zar’in..

Ari kawajiban anu poko carogé anu jadi hak bojo aya dua, nyaéta:
1.    Hak bojo anu bangsa harta, nyaéta mahar (maskawin) sareng nafaqoh.
2.    Hak anu luar bangsa harta, ieu seueur pisan, sapertos adil sareng henteu ngamadaratkeun ka bojona sarta saé ngaréncanganana (husnul muasyaroh).

Ari kawajiban bojo anu janten hak carogé, garis ageungna nyaéta:
1.    Salami taat ka carogé dina kaayaan sanés ma’siat.
2.    Ngajaga diri sarta harta carogé supados henteu ngarasa kuciwa.
3.    Nahan diri tina ninggalkeun hiji perkara (padamelan) anu matak teu raos (rupek) carogé, sapertos baeud, penampilan pikarudeteun, sareng anu sanésna.

AnNur Karanganyar, Malangbong, Robiul Akhir 1432 H/ Maret 2013

SIFAT-SIFAT BOJO ANU SAÉ



SIFAT-SIFAT BOJO ANU SAÉ

Bojo téh ngarupakeun belahan hirup carogé, sakapeung syara sok ngabahasakeun kawas tahanan, sakapeung kawas kebon anu pantes dipelakan, tapi sakapeung lir ibarat papaés atanapi anggoan kanggé carogé.

Sanaos kitu aya sifat-sifat anu pokok anu kedah dipikamilik ku bojo tapi aya ogé sifat-sifat anu ngarupakeun kasampurnaan bojo dipayuneun carogéna.

Bojo anu sampurna kedah mibanda sifat-sifat anu saé, antawisna baé:
1.    Bojo kedah ngaraksa diri tina molah harta-banda carogé bahkan harta-banda sorangan, kajaba aya widi ti salakina, manéhna kawas amat sareng sayidna.
2.    Salamina ngaraos isin, ajrih ku carogéna. Sifat ieu nimbulkeun hormat tur teu wantun langsung neuteup kana raray carogé.
3.    Salamina toat tur bakti ka carogé, dina hartos sanes dina padamelan anu ngarempak syaréat Alloh.
4.    Nahan cariosan, henteu nyela, motong nalika carogé nuju nyarios, anjeuna tara mayunan nyarios upami teu acan dipiwarang sareng henteu nyacad cariosan carogé nalika carogé tamat nyarios.
5.    Ngabagéakeun carogé nalika carogé sumping ka bumi, sajabi ku cariosan bojo ogé saéna ngadeg ngawilujengkeun sumping ka carogé, nyakitu kénéh bojo nganteurkeun carogé upami angkat ti bumi, ku paneuteup, bahasa sarta laku anu sopan, kayaning ngadeg sareng ngawilujeungkeun.
6.    Upama badé kulem (sareng) bojo mintonkeun salira ka carogé kalayan pintonan anu ngadorong kana tiasa rinéhna carogé tina kacapé, bingahna sarta hilapna tina rasa répot sapopoé sarta ninggalikeun kasono bojo ka carogé.
7.    Nalika carogé aya di bumi, bojo salamina sarareungit dina badan tur anggoan nana, meresihan tur méréskeun sarta nyeungitan cangkem, sareng nganggo perhiasan/aksésoris anu aya nu pantes dianggona.
8.    Upami carogé teu aya di bumi, bojo kedah redat-redut, henteu dangdan, henteu nganggo perhiasan sareng henteu pikabitaeun batur.
9.    Ngajaga kajujuran henteu cidra tur nguciwakeun carogé nalika teu aya; naha anu patali sareng harta atanapi raga tur kulawarga.
10. Bojo anu saé salamina ngahormat tur ngamulyakeun kulawarga tur baraya carogé; ku bahasa ku pagawéan atanapi harta banda.
11. Sifat ageung syukur tur tumarima ka carogé; paméré anu saeutik teu dileuleungit tapi ditarimakeun sareng diaku ageung, bingah tur tumarima kana sagala rupa usaha tur pagawéan carogé, ogé ngagungkeun (ngahormat) kana tingkah carogé.
12. Salamina tara mungpang kana kahoyong carogé dina ngalap bingah tur ngalap suka ti dirina, dina salami henteu aya panyarék tina agama.
13. Tara midamel puasa sunat sajabi ti dinten arofah sareng asyuro upami henteu aya widi ti carogéna.
14. Tara kaluar ti bumi carogé kajabi aya widi ti carogé.
15. Jst….

Ditukil tina dawuhan ulama anu dicarioskeun ku Al-Fadhil Asy-Syekh Muhammad bin Umar.

NGADIDIK PARA PUTRA



NGADIDIK PARA PUTRA

Ngadidik/ngatik langkung jembar ma’nana tinimbang ngajar, lantaran ngadidik ngarupakeun padamelan anu ngawengku kana masihan élmu, ngawarah, tur numbuhkeun, ngamekarkeun para anak didikna dina widang rohani jasmani sareng akalna loyog sareng aturan Alloh supaya bagja dunia sarta akhérat.

Dina ajaran agama waktu ngadidik henteu kabaud ku zaman, tapi udaganana tepi ka ngarti kana agama.

Ngawitan sumpingna panyuprih nyaéta nalika budak parantos 7 (tujuh) taun sarta hideng, sarta tiasa nampi kana pangwarah (gaduh salah sahiji pangdangu atanapi paninggali).

Aya sababaraha kabiasaan saé anu sok dilakukeun ku para salaf, sakumaha di ku Assayyid Zain bin Ibrohim (Almanhaj Assawiy), antawisna baé:
1.      Kabiasaan Salaf sok nyandak para putrana anu aralit ka payuneun para jalma anu mulya dina agama, hal ieu dilakukeun miharep kénging barokah sarta nyuprih pangdu’a di aranjeuna. Padamelan ieu diétang kalebet ngalap, nyaéta ngalap barokah, hal ieu mugia budak kalebet golongan marantena bahkan ngarupakeun hiji modal ageung kangge barudak.
2.      Salaf sok mayunkeun ngawuruk barudak ku ngucapkeun tilu kalimah; abdi Ridho Alloh Pangéran abdi, Islam agama abdi, sareng Nabi Muhammad Saw Nabi Alloh sarta Rosul Alloh.
3.      Salafsok ngadu’akeun murangkalih anu beresin ku du’a barokallohu fik (dugi nincak balég)
4.      Salaf sok mayunkeun ngawarah padamelan (prak-prakan kahirupan) saméméh masihan élmuna. Upami tos kitu nembé élmuna (teorina). Aranjeuna nyarios; ieu kawajiban maka kedah dipidamel sareng ieu larangan maka kedah ditebihan.
5.      Salaf tara mayunkeun miwarang tampil (dangdan), nganggo raksukan pantes (nyupi, ngiayi, ngolot) kajaba barudak parantos terang, ngarti tur siap nganggo sarta maksadna, sapertos nganggo sorban.
6.      Salaf sok ngagugahkeun para putrana anu aralit dina akhir wengi, sok sanajan teu acan ngalartoseun sarta ngalenyepan maksadna, hal ieu dimaksad supaya barudak ngabiasakeun amal saé, nalika dipasihan élmu pangartosna, kasaéan sareng toat tos janten adat kabiasaanana.
7.      Salaf sok masihan kasalséan barudak sina nyuprih élmu anu mulya, minimal dugika 20 taun kedah hasil, saba’dana sina tadris (ngawuruk) dugi ka 40 taun, saba’dana tambihan midamel amal sholéh sareng ibadah;
8.      Para salaf sok mayunkeun anu langkung ageung, sepuh dina yuswa, dina padamelan duniawi, sapertos papah tur calik, tapi nalika aya padamelan anu patali sareng agama, maka anu dipayunkeun kaahlian atanapi kamampuhanana, sapertos ngawuruk sareng janten imam sholat.
9.      Salaf sok ngalarang mayunkeun murangkalih tinimbang anu ageung (saluhureunnana) kecuali dina tilu tempat, yaeta dina janten imam, dina janten pendidik sarta pengajar, dina janten pembimbing.
10.  Salaf sok ngama’mum sholat pengkeren muridna, aranjeuna sok miwarang murid janten imam bahkan nalika katinggali aya kakirangan, saba’dana tara pameng-pameng negur tur ngalereskeunana.

Al-Manhaj As-Sawiy 511-513, 2 Sya’ban 1435 H/7 Juni 2014, AnNur, Karanganyar, Malangbong, Garut, KH. Deden Muhammad Ilyas.

KAUTAMAAN, PAÉDAH SARENG BUAH TINA TAQWA



KAUTAMAAN, PAÉDAH SARENG BUAH TINA TAQWA
من فضائل التقوى وفوائدها وثمرتها
Taqwa téh martabat anu kacida luhurna sarta kacida mulyana, anu nimbulkeun sababaraha kamulyaan, manfaat atanapi paédah sarta ngahasilkeun buah anu kacida seueur tur mulyana, antawisna baé:
1.      Dina hadits Qudsi dicarioskeun فجعلت اكرمكم اتقاكم maka kaula (Alloh) parantos ngajantenkeun (dina poe qiyamah) jalma anu pang mulyana nyaéta jalma anu pang taqwana.
2.      Jalma anu taqwa jalma anu pang utamana dimana baé sareng kumaha baé, pidawuh rosul saenyana ahli bait kaula aranjeuna marandang yén maranéhanana pang utamana jalma ceuk kami, padahal pang utamana jalma mungguh kami nyaéta jalma-jalma anu taraqwa, saha baé sareng kumaha baé (dimana baé).
ان اهل بيتى هؤلاء يرون انهم اولى الناس بى وان اولى الناس بى المتقون من كانوا وحيث كانوا
(احمد ابن حبان والطبرانى وغيرهم)
3.      Jalma anu taqwa pantes sarta narima profesi pikeun élmu ladunni
قال بعض العارفين ومن احكم مقام التقوى صلح وتاهل لعلم الوراسة
Ari élmu ladunni nyaéta élmu anu langsung dipasihkeun ku Alloh kana haténa jalma anu janten kakasih Alloh, teu ngijir kana tulisan sareng henteu kakurung ku ngaji. Tapi élmu wirosah (ladunni) tara dipasihkeun ka jalma anu masih kénéh miroséa nafsu, katungkul ku tuangeun, nikah (istri) tur anggoan.
4.      Jalma anu taqwa dipasihan hidayah dina manahna sareng nur (cahaya haté) anu nyababkeun mampu misahkeun antara haq sareng batil, jalma anu midamel haq sareng jalma anu midamel batil, perkara anu nyababkeun ayana haq sareng batil.
ان تقوى الله يجعل لكم فرقانا (الانفال 29) اى هداية فى قلوبكم ونورا تفرقون به بين الحق والباطل
وذالك القلب الخالى من الهوى والمتحلى بالتقوى يفرق بين الحق والباطل ويعرف المحق من المبطل
5.      Jalma anu taqwa tiasa kaluar (salamet) tina pirang-pirang barang syubhat di dunya
له مخرج من شبهات الدنيا (ابن عباس)
6.      Jalma anu taqwa salamet tina abotna sakaratilmaut
له مخرج من غمرات الموت (ابن عباس)
7.      Jalma anu taqwa salamet tina sakabeh kaabot, kapayahan dinten qiyamah
له مخرج من شدائد يوم القيامة (ابن عباس)

Assayyid Al Imam Alarif Billah Muhammad bin Zen nyarioskeun sababaraha buah tina taqwa dina tafsiran ayat. ومن يتق الله يجعل له مخرجا (الطلاق: ), nyaeta :
Jalma anu taqwa  :
-          Moal ngarasa boga kabeurat hirup, moal ngarasa cape hirup sareng moal ngarasa boga kabingung nalika kumelendang di alam dunya.
-          Tiasa kaluar (mampu) ngabébaskeun dirina tina pirang-pirang kabingung sareng kasusah.
-          Tiasa kaluar tina sadaya kasulitan, kahésean sarta bisa nyairkeun diri tina sakabéh kasaliruan, moal salah pilih, salah nyandak, salah nangtukeun, salah milampah dina hiji perkara ogé.
-          Tiasa nyandak jalan tina kapoékan bodo bari mentas kana cahaya élmu, saincak saparipolahna dibimbing ku élmu anu dipikarido ku AlIoh.
-          Bakal tiasa ngabébaskeun diri tina kaapesan sareng kakedulan bari hirup salalawasna gorejag tur singkil siap makalangan.
-          Tiasa kaluar tina pohoan muru tangginas..
-          Bakal kenging jalan kaluar tina condong (resep) kana kaawonan muru resep kana kasaéan mungguh Alloh, (sanés tara hoyong barang awon tapi hoyong barang saé).
-          Bakal nebihan ngaréncangan jama-jalma awon (sifat awona) tapi milarian kanggé ngarencangan para pilihan (kakasih) Alioh.
-          Aranjeuna kénging kasempetan kaluar tina kafaqiran muru kasugihan (sugih hate).
-          Tiasa kaluar tina kapayahan (kacapéan hirup, cape hate) muru kana kasalséan (tapi sanés santéy atanapi léha-léha).
-          Tiasa kaluar tina balai, cocoba hirup muru kana afiah kawarasan kaséhatan lahir batin.
-          Tiasa kaluar tina hirup ngarasa sieun (kasieun) tapi janten ngarasa aman santosa.
-          Aranjeuna gaduh jalan kaluar tina hirup dikungkung ku kasedihan kana kabingah amarwatasuta tina anu dipikarido ku AlIoh
Jumadil Akhir  1433 H / Mei 2012 M, AnNur, Karanganyar, Malangbong