KAMUNAFIKAN (An-Nifāq)
Kecap nifāq asal
bahasana nyaéta mashdar anu fi’il madhi-na : nāfaqo - yunāfiqu
-munāfaqotan wa nifāqon, hartosna ngébréhkeun sanés sabenerna atanapi
nyamarkeun hiji perkara.
Namung nurutkeun istilah aya dua bagian
nyaéta:
1. Nifāqul kāfirīna nifaq dina
patekadan nyaéta man yudzhiru al-imāna wayukhfī al-kufro , jalma munafiq
i’tiqodi nyaéta jalma anu midamel ngadohirkeun iman sareng nyumputkeun kufur dina
haténa, jalma kitu disebut jalma munafiq.
2. Nifāqul mu’minūna nifaq dina
padamelan (jalma munafiq amali), nyaéta jalma mu’min anu tara midamel (ngalaksanakeun)
paréntah agama.
Jalma munafiq anu kahiji jelas
kafirna, bahkan kalebet jinis kafir anu abot, lantaran aya pangancam Alloh ka
naraka anu pang beuratna siksaana.
Jalma munafiq kadua jalma
mu’min anu fasiq, anu hariwang pupusna suul khotimah.
Ciri-ciri
Nifāq ‘Amali (kamunafikan dina padamelan)
Sapalih
Ulama nyarioskeun ciri-ciri nifaq, antawisna baé:
1.
An yadhīqo
wa yadhjaro min tilāwatil qur’ān ngedul, rupek,
heurin waktu, ngarahuh,
galow, tina
ngaos qur’an bahkan
kana dzikir anu sejéna.
2.
An yadhīqo
wa yadhjaro minal julūsi fil masjidi wa nahwi dzālika ngedul, hoream, ringrang, murukusunu cicing di masjid atanapi tempat
majlis kasaéan.
3. An yasta’nisal hadzwati wal majālisi wal aswāqi wa nahwihā,
ngarasa betah, tenang reugreug kalayan obrolan anu henteu
guna, tempat-tempat anu teu saé, pasar sareng anu sanésna sapertos gosip sareng
patempatan dicawiskeun kanggé suka suka, senang-senang komo kanggo anu awon.
4. Idzā hadatsa kadzaba, dimana
nyarios sok bohong, hartosna dina sakapeung waktu karena aya sakedik
pangjurungna.
5. Idzā wa’ada khōna sakapeung
upami jangji sok sulaya, karena aya alesan anu sederhana.
6. Idza’tumina khōna sakapeung
upama dipercaya sok nguciwakeun bari teu aya alesan anu kuat.
7. Saur Imam Ali karromallohu wajhah : walā yubghidhunī
illā munāfiqun moal ngéwa ka kuring iwal jalma munafiq.
8. Bughdhul anshōr Jalma Munafiq ngéwa ka kaum Anshor.
9. Annahum lā yatadholla’ūna mim māi zamzamin Upami
ngaleueut cai zamzam tara dugi ka wareg (pinuh patuangan).
10. Annahu lā yaghtābun nāsa illā munāfiqun Jalma
munafiq sok (resep) ngupat jalma (mu’min)
11. Almunāfiqu
yatajawwazu fil ‘ibādāti wa lā yatajawwazu fil ‘ādāti Jalma munafiq
lalawora dina ibadah, milihan rukhsoh-rukhsoh, tapi dina adat tradisi dibebenah,
dikalem (sieun teu kapaké, sieun dicawad ku batur)
12. ...an taghdhoba idzā qīla ya munafiqu ... Jalma munafiq
keuheul lamun ku batur dipanggil héi munafiq, padahal jalma biasa moal kosong
tina munafiq.
13. Ikhtilāfus sirri wal ‘alāniyah
Sulaya antara padamelan, cariosan (saé) sareung eusi haténa (awon); awon manah
saé laku.
14. Jst...