Sifat-sifat
Pameget (Caroge) anu mulya tur janten idaman Bojo
1. Pameget
anu ngagaduhan sifat (kapribadian) anu mulya, agung, terhormat. Antawisna; tara
ngarasa mulya tapi sok ngamulyakeun batur, tara gumedé tapi ngagedékeun batur,
sanés gila hormat tapi biasa ngahormat batur.
2. Pameget
anu selalu hoyong sarta osok ngagindingan bojona, sapertos ngaantingan cepilna
tina emas sareng mutiara.
3. Pameget
anu serba aya, lubak-libuk nyugemakeun bojona sahingga lintuh, lingsig tur
ngeusi.
4. Pameget
anu masihan kabingah materi ka bojona langkung tinimbang jumlah anu aya
(dipasihkeun) ku sepuhna; upami kapungkur kelas embé, janten kelas kuda tur
onta.
5. Pameget
anu nyayogikeun alat-alat dapur (masak) sarta paparabotan umum kumplit sarta
ringan anu henteu matak ngarudetkeun sareng ngabotkeun ka bojona.
6. Pameget
anu tara nyacad, nyempal tur megat sok komo nolak kana cariosan bojona, kalem
kalayan sikep santun tur ngamulyakeun bojo sanaos bojo (rada) bawél.
7. Pameget
anu tara moyok, nyawad, ngawonkeun kana padamelan naon baé anu diragap ku
bojona; dina saméméhna prak midamelna sok komo upami parantos réngsé sarta
dikantunkeun. Tara moyok kana hasilna sok sanajan nguciwakeun.
8. Pameget
anu tara ngaganggu kana karinéhan bojona sok komo upami tutuh-titah. Upama bojo
istirahat anjeuna ngantep sanajan dina mangsa anu teu payus, sapertos bobo
énjing-énjing tara dihudangkeun. Hal ieu ngagambarkeun sarwa kacukupan; cukup
ku jalma anu ngurus tur ngaladénan keluargana.
9. Pameget
anu rintih, tenang tur nyejukkeun, sok sanajan ninggali bojona pikariweuheun
atanapi hoyong riweuh, anjeuna tetep ngagaduhan pamadegan sok sanajan anu
sigana teu sapira sapertos barangtuang tur barang leueut.
10. Pameget
anu sok merhatoskeun bojo upami angkat (sok sumawona aya di bumi), sapertos
kumaha pantes masamoan nana sarta mariksa kana bekelna henteu di pas, tapi
dipasihan kalaluasaan supaya bojo ngarasa percaya diri tur henteu galideur luak-lieuk.
11. Pameget
anu nempatkeun bojona dina tempat (bumi) anu lega langkung tina kaperyogianana.
... di tukil tina hadits Riwayat Imam Bukhori, Imam Muslim, sareng Imam Nasai
ti Sayyidah Aisyah, anu masyhur kalayan Hadits Ummi Zar’in..
Ari
kawajiban anu poko carogé anu jadi hak bojo aya dua, nyaéta:
1. Hak
bojo anu bangsa harta, nyaéta mahar (maskawin) sareng nafaqoh.
2. Hak
anu luar bangsa harta, ieu seueur pisan, sapertos adil sareng henteu
ngamadaratkeun ka bojona sarta saé ngaréncanganana (husnul muasyaroh).
Ari
kawajiban bojo anu janten hak carogé, garis ageungna nyaéta:
1. Salami
taat ka carogé dina kaayaan sanés ma’siat.
2. Ngajaga
diri sarta harta carogé supados henteu ngarasa kuciwa.
3. Nahan
diri tina ninggalkeun hiji perkara (padamelan) anu matak teu raos (rupek)
carogé, sapertos baeud, penampilan pikarudeteun, sareng anu sanésna.
AnNur
Karanganyar, Malangbong, Robiul Akhir 1432 H/ Maret 2013