Kamis, 01 Januari 2015

TAWASUL



TAWASUL

Sim abdi seja tawasul
Pamugi maksud diqobul

Ya Alloh abdi nyuhunkeun
Sepuh abdi salametkeun

Ya Alloh nu maha agung
Hapuskeun tina kabingung

Sim abdi nu seueur dosa
Tebihkeun tina pasiksa

Ya Alloh pasihkeun rohmat
Abdi miharep svafa’at

Ya Nabi utusan Alloh
Putrana sayyid Abdulloh

Pamugi Alloh ngabulkeun
Rizki nu dibarokahkeun

Amin ya robbal a’lamin
Igfirlana walmuslimin
*
*

*
*

*
*

*
*

*
*

*
*

*
*

*
*
Ka salira kangjeng rosul
Barokah kacandak wangsul

Sadaya dosa hapuskeun
Dina rohmat ditempatkeun

Sim abdi neda pitulung
Neda pituduh tong linglung

Mugi gamparan ngaraksa
Nu dipihareup santosa

Ka Rosul nu mimpin umat
Jaga di poe qiamat

Anu gelar habibulloh
Muhammadur rosululloh

Ka sim abdi paparinkeun
Ilmu nu dimanfa’atkeun

Ya mujibas saailina
Wajamizzaairina